B. Daerah

Pertanyaan

jelasken naon nu dimaksud unsur pamohalan dina dongeng

1 Jawaban

  • Unsur pamohalan mangrupakeun unsur carita nu aya dina dongeng anu matak ngajadikeun jalma, utamana barudak, loba anu resep atawa kataji kana dongeng. Pamohalan hartina henteu asup kana akal atawa mustahil. Jadi, carita nu aya dina dongeng mah pamohalan atawa henteu asup kana akal jeung loba bohongna. Dina dongeng mah aya carita satu jeung tutuwuhan bisa nyarita.

    Dongeng nyaeta karya sastra wangun lancaran atawa prosa. Dina prosa aya dua rupa prosa nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Dongeng kaasupnya kana prosa buhun. Conto karya sastra lianna anu kaasup kana prosa buhun nyaeta saperti carita wayang. Sedengkeun conto karua sastra anu kaasup prosa modern nyaeta saperti carita pondok atawa carpon jeung novel.

    Eusi carita nu aya dina dongeng biasana carita hayal, pamohalan jeung loba bohongna. Sanajan carita nu aya dina dongeng sok pamohalan jeung loba bohongna, carita nu aya dina dongeng sok dipikaresep ku barudak. Kusabab kitu dongeng mangrupakeun sarana anu efektif pikeun dijadikeun carita anu ngandung atikan anu perlu dijadikeun picontoeun jeung pieunteungeun pikeun barudak.

    Ciri-ciri lianna nu aya dina dongeng diantarana nyaeta carita nu aya dina dongeng biasana mangrupa istana sentris, ngabogaan sifat-sifat nu aya dina karajaan, fantastis, sarta dipangaruhan ku sastra Hindu jeung sastra Arab. Biasana anu ngarang carita dongeng mah anonim atawa teu jelas. 

Pertanyaan Lainnya