terangkeun harti golodok sareung tatapakan
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Harti golodok nyaeta tangga atawa tempat pikeun unggah atawa asup ka jero imah. Sedengkeun harti tatapakan nyaeta batu pikeun nahan imah supaya imah leuwih jangkung tina taneuh. Golodok atawa golodog jeung tatapakan teh nyaeta ngaran ngaran bagean nu aya di sabudeureun imah panggung. Ngaran ngaran bagean sabudeureun imah panggung lianna nyaeta saperti kolong, tepas, pangkeng (tempat sare), goah (tempat teuteundeunan), jeung sajabana ti eta.
Pembahasan
Di Jakarta oge aya daerah anu disebut glodok. Kecap glodok asalna tina kecap golodog anu hartina nyaeta tempat pikeun asup ka jero imah. Dumasar kana sajarahna daerah Sunda Kalapa anu ayeuna ngaranna Jakarta teh mangrupakeun panto asup pikeun ka Karajaan Sunda. Sedengkeun ngeunaan kecap tatapakan, kadang sok pahili hartina jeung panincakan. Ari panincakan mah nyaeta batu anu digunakeun pikeun nincak atawa leumpang.
Pelajari lebih lanjut
- Istilah suhunan jeung tepas dina wangunan https://brainly.co.id/tugas/10864221
- Bagian imah nu pangluhurna https://brainly.co.id/tugas/2847596
- Ngaran ruangan jeung bagian imah https://brainly.co.id/tugas/1587583
__________
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda
Bab : 6
Kode : 8.13.6
Kata Kunci : Harti golodok, harti tatapakan