B. Daerah

Pertanyaan

Jelasken naon wae ciri ciri rarakitan jeung paparikan

1 Jawaban

  • Anu perlu dilakukeun sangkan bisa ngajelaskeun ciri ciri rarakitan jeung paparikan nyaeta kudu mikawanoh heula naon anu dimaksud rarakitan jeung paparikan. Rarakitan jeung paparikan nyaeta dua rupa karya sastra wangun puisi anu aya dina sisindiran.  

    Umpama ditilik tina wangun kekecapannana, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta rarakitan, paparikan jeung wawangsalan. Sedengkeun umpama ditilik tina maksud atawa eusi sisindiran, aya tilu rupa oge sisindiran, nyaeta sisindiran anu eusina piwuruk, sislihasih jeung sesebred atawa heureuy.

    Pembahasan

    Di handap ieu nyaeta ciri ciri rarakitan jeung paparikan:

    1. Dina sapada rarakitan jeung paparikan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Dina sisindiran aya bagean anu disebut cangkang jeung bagean anu disebut eusi. Dina rarakitan jeung paparikan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupakeun cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupakeun eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupakeun cangkang, padalisan kadua mangrupakeun eusi.  
    2. Umpama ditilik tina wangun kekecapannana, salian ti jumlah padalisan anu sarua, rarakitan jeung paparikan miboga sasaruaan anu lianna. Dina rarakitan jeung paparikan, sora engang tungtung dina padalisan kahiji sarua atawa murwakanti jeung sora engang tungtung dina padalisan katilu, jeung sora engang tungtung dina padalisan kadua sarua atawa murwakanti jeung sora engang tungtung dina padalisan kaopat.  
    3. Anu ngabedakeun rarakitan jeung paparikan nyaeta yen dina rarakitan aya hiji atawa dua kecap dina padalisan kahiji jeung padalisan kadua anu disebut atawa diulang deui dina padalisan katilu jeung padalisan kaopat, sedengkeun dina paparikan mah teu aya ulangan kecap-kecap saperti nu aya dina rarakitan.

    Pelajari lebih lanjut

    • Rupa rupa sisindiran https://brainly.co.id/tugas/11754912
    • Bagian-bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746
    • Contoh pantun menyindir sifat teman https://brainly.co.id/tugas/13484791

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran

    Bab : 4

    Kode : 8.13.4

    Kata Kunci : Ciri ciri rarakitan jeung paparikan

Pertanyaan Lainnya